Bahasa daérah dina Bahasa Indonésia sok disebut ogé “Bahasa Ibu”. Hal ieu nuduhkeun yén bahasa daérah dikembangkeun ku ibu atawa indung urang di lingkungan kulawarga. Ti mimiti gubragna urang lahir ka alam dunya nepi kiwari indung mémang biasana nu leuwih deukeut jeung budakna. Otomatis kabiasaan ogé nuturkeun kabiasaan indungna atawa kolotna.
Kitu deui dina nyarita, geus pasti budak baris nuturkeun kolotna. Lamun kolotna biasa nyarita ku basa Indonésia, budak ogé bakal nyarita ku basa Indonésia, pon kitu deui mun kolotna sok nyarita ku basa Sunda, budak ogé bakal nuturkeun nyarita ku basa Sunda. Ieu ogé nuduhkeun yén kulawarga boga peran nu kawilang penting dina ngembangkeun budaya jeung bahasa daérah.
Simkuring émut kénéh, sababaraha waktu katukang aya baraya nu nyarita kieu: “Cik, sugan boga lagu anyar dina HP?” kitu pokna téh. “Kuring ngarasa rada bingung ogé ngajawabna, puguh dina HP kuring mah ngan aya cianjuran wungkul...” ceuk kuring. Manéhna pok deui nyarita: “Ah teu gaul manéh mah...”.
Kapikiran ku simkuring, “Naha enya mun kuring resep kana cianjuran téh kaasup jalma nu teu gaul?”. Padahal mun dipikir deui dibulak-balik gening artis nu hirupna di puseur dayeuh ogé loba nu ngahaja nyarita maké bahasa jeung logat urang Sunda, ceuk maranéhna ogé gaul cenah nyarita maké basa Sunda téh.
Hiji mangsa kuring panggih jeung hiji wanoja geulis kawanti-wanti, ngobrol ngalér ngidul jeung manéhna ngan poho teu nanyakeun ngaranna. “Ké, dupi kakasih téh saha?” ceuk kuring. Manéhna ngajawab: “Abdi mah teu acan gaduh, jomblo kénéh...” bari katingali manéhna ngadak-ngadak beureum beungeut, samarukna kuring nanyakeun kabogoh, padahal kecap “kakasih” dina basa Sunda mah lain “kabogoh” tapi “ngaran”.
Naha basa Sunda téh geus leungit ti alam dunya? Kungsi nanyakeun ka salah saurang guru basa Sunda, saur anjeunna: “Kiwari mah barudak daék nyarita ku basa Sunda ogé geus untung...”. Hal ieu nuduhkeun yén urang Sunda geus mimiti loba nu ninggalkeun nyarita ku basa Sunda.
Tarékah ti pamaréntah pikeun ngembangkeun budaya daérah hususna budaya jeung basa Sunda salah sahijina nyaéta di sakola-sakola diayakeun pelajaran budaya jeung basa Sunda. Ongkoh aya dina pelajaran sakola tapi angger waé niléi rapot pelajaran basa Sunda téh rata-rata 6, paling gedé ogé 7 atawa 8, leuheung kénéh matématika.
Alo simkuring, nu kakara kelas 2 SD, basa kamari dibagi rapot kamari ditingali pelajaran basa Sundana meunang peunteun 6. Nu pang ripuhna mah mun ninina, nyaéta punbiang, nu kabeneran rada teu pati bisa nyarita ku bahasa Indonésia. Hiji mangsa alo simkuring keur ulin dina galengan sawah, katingali ku ninina tuluy dicarék sangkan ulah ulin dina galengan sawah. Kieu pokna téh: “Ujang, jangan main disituh, leueur, nanti tikoséwad...”.
Naha pelajaran basa Sunda téh kawilang bangga? Naha basa Sunda téh leuwih bangga tibatan matématika? Naha bet leuwih milih nyarita ku basa Indonésia tibatan nyarita ku basa Sunda? Naha urang Sunda téh geus leungit ti alam dunya? Kamarana atuh urang Sunda téh...????.

0 comments:
Posting Komentar