Urang Sunda mibanda hiji budaya kakawihan nu kiwari geus langka katempo, duka pédah teu apal atawa éra disebut teu gaul pédah kakawihan ku kawih asli ti urang Sunda. Ieu di handap aya sababaraha hal ngeunaan kakawihan nu di cutat tina buku Ulikan Sastra karangan Drs. Taufik Faturohman nu di terbitkeun ku penerbit Djatnika Bandung taun 1983.
1. Wangenan Kakawihan
Kakawihan asal kecapna tina kawih, hartina lagu. Ieu kabinangkitan téh kaasup sastra buhun, gelarna dina sastra Sunda mangrupa sastra sampakan. Tapi najan kitu, kakawihan téh lain bogana urang Sunda waé, unggal sélér bangsa ogé ngabogaan kabinangkitan kakawihan séwang-séwangan.
Kakawihan téh kaasup sastra lisan. Ngeunaan sumebarna tatalépa sacara turun tumurun di lingkungan masarakat. Kusabab kitu, kakawihan mindeng disebut sastra balaréa, ku sabab geus milik sakumna masarakat.
2. Papasingan Kakawihan
Nurutkeun kalungguhanana, kakawihan téh bisa dipasing-pasing jadi dua golongan, nyaéta kakawihan pikeun kaulinan jeung kakawihan pikeun digawé.
A. Kakawihan pikeun kaulinan
Umumna kakawihan pikeun kaulinan sumebar di lingkungan barudak. Biasana mun barudak leuwih ti saurang, sok terus arulin bari kakawihan. Di handap aya sababaraha contona.
TRANGTRANGKOLENTRANG
Trangtrangkoléntrang
Si Londok paéh nundutan
Tikusruk kana durukan
Mesat gobang kabuyutan
(Dikawihkeun sababaraha balik bari ngadagoan hujan raat).
ORAY-ORAYAN
Oray-orayan
Oray naon?
Oray bungka
Bungka naon?
Bungka laut
Laut naon?
Laut dipa
Dipa naon?
Dipandeuri
Ri… ri… ri… ri…
(Dikawihkeun bari pacekel-cekel tungtung baju, tuluy bari ngaléor nurutan oray).
EUNDEUK-EUNDEUKAN
Eundeuk-eundeukan lagondi
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku nini
Beunang deui ku aki
(Dikawihkeun sababaraha kali bari eundeuk-eundeukan dina dahan kai).
UCANG ANGGE
Ucang-ucang anggé
Mulung muncang di papanggé
Digogog ku anjing gedé
Anjing gedé nu Mang Lebé
Anjing leutik nu Ki Santri
Ari gog, gog cungungung
(Dikawihkeun bari diuk. Suku anu ngawihna ditumpakan ku budak, terus diucang-ucang).
B. Kakawihan pikeun digawé
Nu dimaksud kakawihan pikeun digawé nyaéta kakawihan anu dikawihkeun dina mangsa keur migawé hiji pagawéan. Ari maksudna, diantarana waé supaya pagawéan anu keur dipigawé téh karasana hampang. Di handap aya conto kakawihan anu dikawihkeun dina mangsa keur tunggu paré di sawah.
NGAGEBAHAN MANUK
Sieuh…! Sieuh…!
Manuk ka ditu ka dayeuh
Di dieu sagala euweuh
Sia moal bisa seubeuh
Da aya anu ngageugeuh
Sieuh…! Sieuh…!
Manuk ulah arék ganggu
Bisi nyorang kana regang
Kudu nyingkah mangka anggang
Di dieu aya pangilang
Sieuh…! Sieuh…!
Manuk ulah arék ganggu
Da aing anu keur tunggu
Tah sakitu saur Pa Taufik Faturohman ngeunaan kakawihan, mugia aya mangpaatna.

0 comments:
Posting Komentar