Thank you for visiting my blog, if you want to find all my post, I suggest to see Daftar Tulisan, there you'll found all my posts. If there's a question, feel free to contact me. Happy Blogging...!!!

Rabu, 21 Juli 2010

Pangalaman Chatting

Paingan atuh kolot ayeuna budak baheula mere pituduh nu kudu dijadikeun pieunteungeun pikeun urang sarerea da eta teh meunang pangalaman kahirupan aranjeunna, lain ngan saukur beja pabeja-beja atawa ngan saukur omongan nu taya hartina.

Ceuk budak baheula kolot ayeuna, sok loba nu nyarita, "hirup didunya mah ulah sok loba gaya tur gagayaan..." kitu pokna teh. Lamun seug dititenan eta cariosan ti budak baheula kolot ayeuna, ngandung harti nu jero pisan. Geuning karasa pisan tur kaalaman ku simkuring dina poe kamari. Kieu Caritana:

Wanci sareupna, kuring masih keneh chatting nganggo YM jeung hiji wanoja. Dina Fotona mah katingalina geulis pisan, turunan urang Arab. Nu kieu meureunan nu ku Ceu Nining Meida disebut Mojang anu donto, matak sono nu nempo teh. Nya ku kuring teh ditanya: 

"What's your name...?". Manehna ngajawab: 
"Ajmal...".
"Where do you live...?" ceuk kuring nanya deui ka manehna.
"I live at Sudan..." kitu pokna teh ngawaler.
"I see, I'm from Indonesia at Bandung City..." ceuk kuring bari nyerengeh boga kenalan urang Sudan geulis.
"Oh... I love Indonesian people..." kitu ari pokna ceuk Nyi Ajmal.
"Ajmal mean more beautiful, isn't it?" kuring nanya deui.
"Yes it is, do you speak arabic too...?" ceuk manehna.
"Just a little..." ceuk kuring gagayaan.

Beuki lila kuring jeung manehna teh teu karasa ngobrol ngaler ngidul padahal kuring teu bisa jeung teu ngarti bahasa Arab tea. Ceuk manehna:

"Afwan, urid an adzhab ilal bait...".
"...????" ceuk kuring, ngan saukur ngetik tanda tanya wungkul cirining teu ngarti kana naon nu diucapkeun ku manehna. Sabot bingung mikiran artina naon, manehna ngetik deui, kieu pokna ceuk manehna teh:

"Ku sunda we pa haji bilih teu ngartos mah...".
"@#$%^&^%$...????" kuring bingung bari nyerengeh seuri bari dibaturan ku nu maca hehehe...


Click for more...

Diajar Basa Sunda

Ibu Guru: "Barudak... ayeuna teraskeun kalimah nu ku ibu sebatkeun... cik Uneh... teraskeun kalimah: Ibu Guru tuang, ari Uneh...".
Uneh: "Neda bu...".
Ibu Guru: "Pinter... tah kitu barudak, ayeuna waler ku Udin... teraskeun kalimah: Ibu Guru angkat, lamun Udin...?".

Udin: "Mios bu...".
Ibu Guru: "Pinter gening ayeuna mah Udin teh, cik ayeuna sakali deui waler ku Udin, teraskeun kalimah: Ibu Guru ibak, lamun Udin...".
Udin: "Ningalikeun bu...".
Ibu Guru: "Udiiiiinnnn... kahareup maneh...".
Udin: "@#$%^&*...".
Click for more...

Jumat, 16 Juli 2010

Ngeunaan Blogging

Hiji pertanyaan nu sering aya dina pikiran kalolobaanna jalma jaman kiwari nyaéta kumaha cara ngamimitian nyieun blog. "Blogging" mangrupakeun salah sahiji 'trénd' keur "posting" artikel dina wéblog sacara online di jaman kiwari. Jutaan jalma medalkeun artikel dina blog unggal poé.


"Blogging", kiwari mangrupakeun hiji budaya nu dikembangkeun di nagara-nagara nu geus maju. Tapi kiwari budaya éta geus diadopsi ogé ku nagara-nagara nu aya di asia sarupaning India, Cina. Kiwari di Indonésia ogé geus mimiti loba nu maké budaya ieu pikeun medalkeun naon nu aya dina pikiranna kana jero tulisan nu diasupkeun kana blog. Sok sanajan kitu, teu saeutik ogé jalma nu teu nyaho kumaha cara ngamimitian nyieun blog.

Naha kuring bet butuh kana blog?
Blog nyaéta hiji cara nu panghadéna pikeun nyebarkeun pesen urang sacara online ka sakuliah alam dunya, naha rék ngeunaan inpormasi diri atawa ngeunaan bisnis nu dilakukeun ku urang. Nulis blog mangrupakeun hiji cara nu gampang tur épéktif keur nyebarkeun ideu-ideu nu aya dina pikiran urang jeung pesen-pesen urang dina panglayar. Teu paduli naon tujuan nu baris dipikahayang ku anjeun, ieu aya sababaraha cara pikeun ngamimitian blog.

1. Meunangkeun platform nu pas
Anjeun bisa ngamimitian blogging kalayan ngagunakeun Blogger, Wordpréss, Live Journal, Typepad, jeung sajabana nu nawarkeun kaanggotaan sacara haratis pikeun nyieun blog anjeun ku cara ngaklik hiji tombol. Didieu simkuring ngarékoméndasikeun anjeun ngagaduhan domain nyalira kalayan nganggo Wordpréss  sangkan anjeun tiasa ngontrol kuanjeun. Tujuh alesan kunaon milih Wordpréss:
  • Teu perlu diajar kodeu-kodeu HTML.
  • Désain jeung eusina papisah kalayan nganggo pakakas manajemén nu gampang.
  • Bisa nyieun halaman sakumaha baé nu dipikahayang ku urang sakumaha nu dipasihkeun ku Wordpréss.
  • Milih téma kalayan haratis.
  • Gampang dina mesin pamaluruh.
  • Bisa ngabagi blog anjeun jeung média sosial kalayan maké plugin.
  • Ronjatan dina Wordpréss community aktif.

2. Milih hiji topik
Samentara blog pribadi nyadiakeun buku harian sacara online tapi kalolobaan blog miboga kana tema nu tangtu. Aya blog nu nyaritakeun ngeunaan téknologi, pariasi motor atawa mobil, aya ogé nu nyaritakeun ngeunaan cara nyieun raksukan nu alus. Anjeun bisa milih topik carita nu nurutkeun anjeun pinuju jeung haté anjeun.

3. Sabar
Dina poin ieu anjeun kudu bisa sabar nyaéta nulis artikel pikeun dina blog anjeun. Néangan babaturan tur ngawanohkeun blog anjeun ka blogger jeung nu maca kaca blog anjeun, teu paduli naha rék aya nu maca atawa hanteu. Pokona mah eusian ku mangrupa tulisan-tulisan anjeun.

4. Nulis sacara teratur
Lamun anjeun resep pisan nulis, anjeun kudu neruskeun dina blog anjeun. Google baris méré kaleuwihan kana hiji wéblog nu sering pisan di 'update'. Blog anyar kudu nyobaan ngamimitian kana hiji wacana tur ngabagi jalan pikiran anjeun dina blog jeung babaturan urang nu sapamikiran atawa sapamadegan jeung pamikiran anjeun.

5. Néangan baraya blogger anyar
Cobaan téang hiji blog nu dipikaresep ku anjeun atawa nu luyu jeung karesep anjeun, tuluy simpen  pairan atawa koméntar dina tulisan nu aya dina blog éta. Salian ti éta ogé nu kudu diinget ku anjeun nyaéta nyimpen panumbu kana blog anjeun sorangan sangkan aranjeunna bisa nganjang kana blog anjeun. Engkéna anjeun bakal bisa asup kana hiji pakarangan lu leuwih lega deui.

6. Mikeun eusi nu penting
Blog anyar kudu bisa méré wacana nu luyu jeung nu dipaluruh ku nu rék maca. Ngeunaan widgét, pintonan jeung iklan mah nuturkeun titukang, nu penting mah eusi blog heula. Keur ngamimitian mah kumaha carana sangkan blog anjeun bisa pinuh ku wacana penting nu dipaluruh ku balaréa.

7. Téangan nu bisa ngajarkeun blog ka anjeun
Sakali anjeun bisa ngagunakeun maké blog, anjeun baris gambang keur ngatur blog anjeun. Kalolobaan blogger anyar ngalakukeun kasalahan ieu nyaéta ngamimitian hiji blog bari teu apal kumaha kudu ngamimitianna, nu ahirna manéhna nyerah saméméh nyieun, ceuk basa urang mah "kuméok méméh di pacok". Tungtungna mah teu jadi nyieun blogna.

Sakitu nu tiasa kasanggakeun, mugia aya mangpaatna.

Click for more...

Senin, 12 Juli 2010

Menentukan Tujuan dalam Hidup

Semua orang di dunia ini pasti mengimpikan sukses dalam hidupnya. Tak peduli apa pun yang dikerjakan oleh seseorang, sukses adalah tujuan utama. Bisa jadi itu soal mengurangi berat badan atau dalam karier. Dan langkah pertama meraih sukses adalah menetapkan tujuan yang jelas.
Click for more...

Minggu, 11 Juli 2010

Tukang Obat Nyeri Sirah

Sebut waé ngarana Mang Ihin, tukang obat keliling, nu sok mangkal di hareupeun kantor pos. Jam dalapan manéhna geus ngampar, manéhna téh spésialisasina kana obat nyeri sirah tradisional. Bari terus gogorowokan sangkan nu liwat katarik tur kataji ku obat nyeri sirah "made in" manéhna.


Mang Ihin terus norowéco, "Bapa-bapa, ibu-ibu, sareng sadérék sadaya, mangga cobian ieu obat, dupi obat nu didagangkeun ku simkuring taya lian ti obat nyeri sirah, obat nu cespleng.

Upami Bapa atawa ibu katarajang panyawat nyeri sirah, cobian nuang ieu obat, moal samenit-menit acan éta panyawat nyeri sirah bakal ical, ieu mémang terbukti obat nyeri sirah paling cespleng," ceuk Mang Ihin teu siriknya nepi ka gogorowokan, ampir-ampiran béakeun sora.

Tapi saurang ogé taya nu miroséa, nu liwat ukur ngarérét wungkul. Malah nu liwat kalah kataji ku atraksi tukang obat kulit nu maénkeun oray kobra.

Geus leuwih ti tilu jam meureun Mang Ihin gogorowokan téh. Geus kasawang ku manéhna moal aya jalma nu ngabandungan omongan manéhna, Mang Ihin terus mérésan daganganana. Méméh balik, manéhna nyampeurkeun tukang dagang nu ngadon dagang di jero kios sisi jalan.

"Peryogi naon Mang?", Ceuk nu dagang tina jero kios.

Mang Ihin, "Cik Jang, sugan aya procold, mésér dua mah. Puguh rada nyeri sirah Emang téh, dagang ti isuk teu aya nu ngarérét-rérét acan..." Ceuk Mang Ihin bari ngasongkeun duit lima rébuan salambar.


Click for more...

Sabtu, 10 Juli 2010

Wortel Jeung Kaséhatan

Wortel (Daucus carota) nyaéta hiji pepelakan nu sok dijadikeun bahan keur sayuran. Dipelakna bisa sapanjang taun. Alusna mah dipelakna didaérah nu miboga hawa tiis jeung lembab nyaéta kurang leuwih 1.200 m diluhureun permukaan laut (dpl).

Mun seug urang aya kereteg pikeun melak wortel, kawilang alus pisan sabab wortel mah dina usum naon baé ogé bisa jadi boh usum halodo atawa usum hujan. Ngan dina melakna kudu ditempat nu tiis hawana tur lembab ogé kudu kasorot ku panon poé langsung. Tangtu wé kudu dipelak dina lahan nu subur. Tangkal jeung daunna hampir sarua jeung salédri. Nu diarah téh kalolobaanna mah nyaéta bagéan akarna, ceuk urang Indonésia mah umbi akar.

Numutkeun katerangan ti para botanis, wortel téh aya sababaraha jinis, diantarana baé wortel jinis imperator (Daucus carota, Linn), nyaéta wortel nu ukuran akarna panjang jeung semu méncos. Salian ti kitu ogé rasana kurang amis. Nu kadua, jinis chantenang, nyaéta wortel nu akarna téh semu buleud panjang tur rasana rada amis. Jinis nu katilu nyaéta jinis mantes, ieu mah hasil kombinasi antara jinis imperator jeung jinis chantenang. Akarna ngabogaan warna nu jadi ciri khas nyaéta oranyeu.

Sababaraha panyakit nu bisa diubaran ku wortel

Geus jadi rusiah umum, geus pada apal yén kandungan vitamin A nu loba pisan téh aya dina wortel. Vitamin A dibutuhkeun pisan ku retina panon jadi kawilang alus pisan mun nuang wortel, ngan simkuring didieu saatos maluruh jeung tatanya tur tatamba ka mbah google, diwaler ku mbah google yén wortel téh lain keur ngubaran panon wungkul tapi bisa ogé dipaké keur ngubaran sababaraha panyakit, diantarana baé kejang jantung, eksim, cacing krémi, panon mines, ngurangan rasiko stroke, jeung sajabana. Capé kudu nyebutkeun hiji-hiji mah. Urang bahas baé sababaraha panyakit nu bisa diubaran ku wortel.

Panon

Lamun urang ningali naon baé nu jarakna jauh, lénsa panon urang bakal jadi ipis, kitu ogé sabalikna, mun ningali naon baé nu jarakna rada deukeut, mangka lénsa panon urang bakal ngandelan. Aya sawatara panyakit nu nimbulkeun urang kurang bérés dina ningali banda-banda nu jarakna deukeut nu disebut buta dekat ku urang Indonésia mah. Buta dekat ieu téh alatan tina pungsi lénsa panon urang nu kaganggu pikeun ngandelan jeung ngaipisan.

Gangguan panon modél kieu bisa diubaran ku ubar kampung alias ubar tradisional téa, sayogikeun baé 50 gr daun wortel, 400 gr wortel. Saatos kitu dibubukkeun atawa diblénder, dijadikeun jus wortel. Tuang cing rutin, insyaalloh panon téh baris bisa ningali deui sakumaha bihara bihari.

Salian ti éta bisa ogé ngagunakeun buah léngkéng, carana nyaéta 20 buah léngkéng nu dipiceun sikina dihijikeun jeung 300 gr wortel, ditambahan 2 ati hayam. Mun nu kahiji mah dijadikeun jus, nu kadua ieu mah lain dijadikeun jus tapi di tim, dijadikeun deungeun sangu. Saatos kitu mah dituang cing rutin.

Kejang Jantung

Cirina katarajang kejang jantung téh nyaéta sok karasa nyeri dipalebah sabudeureun jantung. Biasana mah karasana téh lamun urang migawé pagawéan nu beurat misalna baé macul, manggul karung béas, manggul setum atawa beus. Salian ti migawé pagawéan pisik nu beurat, ogé bakal karasa dimana urang keur sutres atawa kateken. Salian ti éta, lamun leumpang gurung gusuh terus karasa nyeri dina dada nu cindekna mah sabudeureun jantung. Kasakit atawa rasa nyeri éta baris ilang atawa leungit lamun urang istirahat heula sababaraha menit. Hal ieu diakibatkeun ku ayana ngariutna atawa penyempitan pembuluh darah ka jantung tapi henteu ari kasumbat mah saperti dina panyakit jantung.

Keur ngubaran kejang jantung, sadiakeun baé 300 gr wortel jeung 100 gr lokio, terus digodog nepi ka asak. Saatos asak, lebetkeun kana blénder. Tambahan kurang leuwih 100 cc cai hérang jeung 2 séndok makan madu. Tos kitu mah di blénder wé nepi ka lembut. Jus wortel ieu dituang cing rutin sapoé sakali.

Nurunkeun Risiko Kanker

Penelitian nu dilakukeun ku hampir 90.000 juru rawat awéwé salila 8 taun di Amérika ngungkapkeun yén nuang wortel paling saeutik lima kali tiap minggu bisa nurunkeun risiko setruk sekitar 68 persén dibandingkeun jeung nu nuang wortel ngan sabulan sakali. Hal ieu disababkeun ku aktipitas antioksidan tina wortel. Béta karotén bisa ngahambat kolésterol ngarah teu mibanda sipat racun jeung teu matak ngajadikeun plak jeung ngabeungbleu dina pembuluh darah.

Masih loba kénéh mangpaat tina nuang wortel keur kaséhatan urang, didieu mah ngan sakitu heula wé nya da capé atuh nulisna ogé. Mugia ieu tulisan téh jadi lantaran keur ngubaran kasakit urang. Sakitu nu kapihatur, bilih aya nu badé nambihan mah sumangga diantos ku simkuring.


Click for more...

Jumat, 09 Juli 2010

Ronjatkeun Krédibilitas Blog

Kumaha carana sangkan bisa nambahan krédibilitas blog urang? Disakuliah tatar alam dunya nu pinuh ku scam jeung kabohongan atawa jangji-jangji palsu ieu, urang perlu ningkatkeun krédibilitas online urang di internét. Simkuring ngagaduhan sababaraha tips kanggo ningkatkeun krédibilitas blog ka nu maca blog urang di internét.

Jieun kaca "ngeunaan (about)" nu leuwih hadé

Kaca "ngeunaan blog" atawa "ngeunaan ais pangampih blog" ieu mangrupakeun kaca nu paling sering ditingali ku nu nganjang kana blog urang, nu kadua nyaéta eusi blog urang. Naha bet kitu? sabab nu nganjang ogé hoyong terang saha nu jadi ais pangampih atawa nu nyieun blog nu mikeun artikel-artikel jeung tips keur maranéhna. Nu nganjang blog urang ogé pasti hoyong terang naha bisa dipercaya atawa henteu ieu nu nyieun artikel. Kaca "ngeunaan" atawa "about" ieu nuduhkeun saha ari anjeun téh, tur nuduhkeun pikeun ngawangun hubungan jeung nu nganjang kana blog urang. Ieu aya sababaraha hal nu bisa digunakeun ku urang sangkan bisa ningkatkeun krédibilitas urang:
  • Bikeun informasi ngeunaan diri pribadi anjeun nu bisa ngagambarkeun saha ari anjeun téh sakumaha dina kahirupan nu nyata. Beuki asli éta informasi, beuki percaya ogé nu nganjang kana blog anjeun. Contona kieu, leuwih percaya mana antara informasi ieu: "ujang_blogger ais pangampih blog nu ku anjeun dibaca ieu", bandingkeun jeung: "Ujang, urang Bandung, 28 taun jalan tur ngagaduhan hiji bojo jeung hiji putra".
  • Bikeun ogé poto-poto anjeun sarta kulawarga anjeun nu asli tangtuna ogé.
  • Béjakeun ku anjeun pangalaman-pangalaman anjeun dina blog anjeun.
  • Jelaskeun ogé maksud anjeun nyieun wéblog anjeun, ieu baris mantuan ogé kana perhatian ti nu nganjang.

Ulah hayang katingali "sampurna"

"Nobody's perfect", kitu paribasa urang kulon mah. Jadi mun anjeun ngalakukeun hal éta nyaéta katingali sampurna dihareupeun batur, dijamin engkéna anjeun kalah katingali jadi teu asli deui. Hal ieu ogé baris nurunkeun darajat krédibilitas urang dihareupeun nu nganjang tur bakal hésé deui dipercaya ku nu nganjang. Teu nanaon ngabéjakeun kagagalan-kagagalan atawa kakurangan urang dihareupeun umum, maksudna mah lain rék ngabolékérkeun liang taeun dipasar :) tapi sangkan jadi motipasi keur kahareupna tur jadi picontoeun ogé keur nu nganjang sangkan ulah nurutan urang.

Contona kieu: "Situs kuring ieu ngeunaan cara néangan duit sacara online. Dina kaca ngeunaan, kuring ngahaja ngabagi pangalaman ti mimiti nyieun blog, tuluy gabung jeung situs MLM nu ternyata situs éta téh mangrupakeun scam nu ahirna simkuring kaleungitan sajumlah duit nu lumayan. Ironisna, ayeuna jalma nu geus pernah kaleungitan duit ku hiji situs ayeuna mikeun pituduh-pituduh keur batur kumaha carana néangan duit sacara online". Nu leuwih hadé nyatana mah jadi diri anjeun nu sajati, nu nganjang ogé baris ngahargaan kana hal éta.

Ngawanikeun nyieun opini

Ulah sieun ngaluarkeun opini, justru éta nu disebut "blogging" téh. Anjeun ngarasa yakin baris kaleungitan sababaraha jalma nu maca artikel anjeun, tapi jalma nu sapamikiran jeung anjeun mah tangtuna ogé bakal anteng manteng terus di blog anjeun. Keun baé nu teu sapamikiran jeung anjeun mah rék ninggalkeun blog anjeun ogé, maranéhna oge boga pamikiranna séwang-séwangan tur teu sapamikiran téh meureun pédah wé aya sababaraha hal wungkul.

Terahir nyaéta cobaan bikeun daya tarik anjeun keur satiap jalma nu aya, nu sapamikiran jeung anjeun da anjeun nyieun éta artikel téh ditujukeun leuwih husus pikeun grup babaturan, pikeun jalma nu sapamikiran jeung anjeun.

Promosikeun produk nu kualitasna hadé

Geus teu kudu dicaritakeun deui ieu mah, tapi simkuring sering ningali batur nu ngapromosikeun produk dumasar kana komisi nu dibikeun wungkul jeung deui lain produk nu aktual atawa produk heubeul. Ngapromosikeun produk kitu baris nurunkeun krédibilitas blog anjeun leuwih gancang tibatan jeung ngapromosikeun produk nu kualitasna teu pati hadé. Anjeung bisa ogé maké jasa sales, tapi engkéna nu meuli téh lain dumasar kana rékoméndasi ti anjeun deui. Hal ieu bisa nurunkeun ogé réspék batur ka anjeun. Leuwih hadé mun seug anjeun ngapromosikeun produk nu geus dicobaan ku anjeun sorangan atawa produk-produk nu anjeun yakin yén éta produk téh kualitasna hadé pisan.

Ngarencanakeun nyiar duit? Lakukeun ti ayeuna

Salah sahiji nu matak ngaancurkeun krédibilitas urang ogé nyaéta ngarobah stratégi pamikiran urang. Contona kieu, jalma nu ngarencanakeun pikeun nyiar duit baris terus pikiranna tinuju kana cara pikeun nyiar duit éta, hubungan jeung nu nganjang kana blog mah nomer dua. Hal ieu baris ngadatangkeun katugenah dina manah nu nganjang tur nu maca blog anjeun nu ahirna mah baris ngurangan hubungan jeung maranéhna.

Béda deui lamun anjeun teu pokus teuing dina nyiar piduiteun. Hal ieu justru baris ngajadikeun hubungan anjeun jeung nu nganjang blog anjeun leuwih raket deui. Engké deui baé nyiar piduiteun mah, nu penting mah rélasi heula jeung baraya da piduiteun mah baris nuturkeun titukang.

Lamun anjeun geus ngarencanakeun pikeun nyiar piduiteun timimiti kénéh, keun wé jadi rencana anjeun, ulah nembrak teuing da batur ogé moal ningali kana hal éta. Ngarencanakeun mah teu nanaon bari terus dijalanan, tapi aya nu leuwih penting nyaéta ngawangun rélasi jeung baraya-baraya tur jeung nu maca blog anjeun.

Ngabagi carita hasil nu dibeunangkeun

Teu nanaon mun seug rék ngabagi carita samodél kitu mah sok sanajan meunang saeutik tapi ieu leuwih aya hargaan deui jeung leuwih riil deui. Nalika anjeun medalkeun hasil nu geus dibeunangkeun ku anjeun, hal ieu ogé baris nambahan kana krédibilitas anjeun dihareupeun nu nganjang tur nu maca kana situs atawa blog anjeun sabab anjeun kawilang jalma nu riil.

Contona kieu: anjeun nyieun blog ngeunaan "cara menurunkan berat badan", sabab anjeun miboga awak nu kawilang lintuh, terus denget ieu anjeun ogé medalkeun hasil nu geus dibeunangkeun nyaéta tina 50 kilo ayeuna mah jadi 48.

Sok sanajan ngan turun 2 kilo terus ku anjeun dipedalkeun dina blog anjeun, hal ieu lain saukur nambahan daya tarik blog wungkul, tapi baris nambah ogé kana krédibilitas anjeun sabab anjeun mangrupakeun jalma nu loba pisan ditéang ku nu lian sabab kaasup jalma nu riil téa.

Gampang diaksés

Jieun ku anjeun hiji selapan dina blog anjeun "Hubungi Kuring" atawa "Contact Me". Eusina nyaéta pikeun nu nganjang atawa nu maca bisa langsung tumanya ka anjeun ngeunaan artikel nu geus ditulis ku anjeun. Lakukeun hal ieu sangkan anjeun leuwih ngaraketkeun deui hubungan jeung nu nganjang. Salian ti kitu ogé anjeun baris mikanyaho naon nu dipikahayang ku batur.

Misalna baé, simkuring ngingetan ka nu nganjang sangkan ngahubungi mun seug aya patarosan nu baris didugikeun ka simkuring. Hal ieu nétélakeun yén blog nu dianjangan téh lain ngan saukur blog nu nyayogikeun artikel wungkul tapi ogé aya ais pangampihna nu nyata jeung deui ulah poho keur ngabales pesen nu asup ka urang boh sacara langsung ngirim deui surat-é ka nu ngirim pesen atawa dina situs-situs sosial nu ku anjeun dipiboga saperti dina twitter, facebook, jeung sajabana.

Kumaha cara anjeun ningkatkeun krédibilitas?

Ti simkuring mah mung aya sakitu heula nu tiasa disebatkeun. Sumangga boh bilih sadérék ngagaduhan stratégi pikeun ngaronjatkeun krédibilitas, tiasa gunakeun baé dina pamairan. Mugia aya mangpaatna keur urang sadayana.


Click for more...

Kamis, 08 Juli 2010

Mangpaat Tomat

Tomat mangrupakeun salah sahiji pepelakan nu mindeng pisan katingali ku urang saréréa. Hampir di unggal kebon pasti baé katingali aya tangkal tomat. Teu anéh mémang sabab gampang pisan melak tomat mah. Tomat, salian ti bisa dipaké keur bungbuahan ogé biasa dipaké keur rupa-rupa
pasakan atawa dijieun jus.

Tangkal tomat asalna ti Amerika Tropis tur sok loba ogé di daérah Ekuador, Bolivia, Péru jeung Perancis. Di daérah Perancis mah tomat téh katelah ku pomme d'amour atawa "apel cinta" sabab salah sahiji kagunaanna nyaéta bisa ngubaran nu lemah syahwat tur ningkatkeun kualitas spérma sarta ngaronjatkeun kagesitan spérma.

Di urang ogé tomat kawilang pepelakan nu loba tur gampang kapanggih jeung gampang melakna. Tomat biasana dipelak dina lahan subur ngan alusna mah teu loba teuing curah hujan jeung teu kapoé langsung ku panon poé. Warnana biasana mah beureum, kulitna lecir pisan. Mun simkuring dipelak bakal jadi géhéng...

DR. John Cook Bennet ti Wiloughby University, Ohio, sekitar bulan nopémber taun 1834 nalungtik mangpaat tina buah tomat ieu. Anjeunna mangrupakeun ilmuwan nu pangheulana nalungtik tomat. Numutkeun kana hasil panalungtikanna, tomat bisa dipaké keur ngubaran diaré, serangan empedu, gangguan pencernaan, jeung mulihkeun pungsi liver. Panalungtikan lain ngeunaan tomat nyaéta nyebutkeun yén jél warna konéng tomat bisa keur nyegah penggumpalan jeung pembekuan darah. Salian ti kitu ogé kandungan vitamin C jeung A tina tomat kawilang loba pisan sarta bisa ningkatkeun kekebalan tubuh.

Tomat mun dijadikeun bungbuahan hadéna mah nu warnana beureum tur hadéna dikonsumsi unggal isuk-isuk jeung pasosoré. Hasiatna keur nu geus déwasa mah nyaéta bisa ningkatkeun napsu makan. Lian ti kitu ogé rasa haseum tina tomat asalna tina asam sitrat, kawilang hadé pisan mun seug dijadikeun ubar seueul atawa dikonsumsi ku wanoja nu katarajang PMS (Pre Menstrual Syndrome). Béda deui keur nu boga panyakit maag jeung nu teu kuat ku rasa haseum, hadéna mah ulah nuang buah tomat sanajan dijadikeun jus atawa ditambahan ku gula sabab nambahan parna kana panyakit.

Béda pisan jeung sayuran atawa lalab séjénna, tomat mah leuwih hadé mun diolah atawa dijieun salah sahiji pasakan heula sabab tomat nu geus ancur leuwih loba ngandung lycopene nu gedé hasiatna tibatan tomat nu teu diancurkeun tur dicampurkeun jeung kadaharan séjénna.

Lycopene nyaéta zat antioksidan nu bisa ngancurkeun radikal bébas tina awak alatan tina roko, polusi jeung sinar ultraviolét. Salian ti kitu, lycopene ogé boga hasiat keur nyegah karusakan sél nu bisa ngakibatkeun kanker léhér rahim, kanker prostat, kanker perut, jeung kanker pankréas. Mémang, lycopene bisa kapanggih ogé tina beureumna anggur, samangka jeung gedang ngan kandungan lycopene nu panglobana mah aya dina buah tomat.

Mangpaat Tomat

Biasakeun ti ayeuna mah nuang tomat unggal isuk jeung pasosoré sabab gedé pisan mangpaatna keur kaséhatan urang. Dihandap ieu aya sababaraha mangpaat tina buah tomat asak nu dikonsumsi ku urang:
  • Nurunkeun risiko gangguan jantung
  • Ngaleungitkeun rasa kacapé
  • Nambah napsu makan
  • Ngahambat perkembangan sél kanker
  • Ngahambat penurunan pungsi mata alatan faktor usia
  • Ngurangan risiko radang usus buntu
  • Ngajaga kaséhatan oragan haté, ginjal sarta ngalancarkeun BAB (Buang Air Badag)
  • Ngaleungitkeun éwateun
  • Ngubaran diaré
  • Ningkatkeun jumlah jeung kualitas spérma keur lalaki
  • Mulihkeun fungsi liver
  • Mengatasi masalah kegemukan

Tah éta sababaraha mangpaat tomat nu bisa disebutkeun ku simkuring, masih loba kénéh mangpaat tomat nu séjénna ngan mun disebutkeun didieu mah moal anggeus jigana téh. Kumargi kitu, ti mimiti ayeuna mah sok atuh biasakeun ngonsumsi tomat.

Tomat Keur Ubar

Salian ngeunah keur kadaharan sapopoé, tomat ogé bisa dipaké keur ngubaran rupa-rupa kasakit. Contona baé keur ngubaran nu tipalitek, ngubaran nu bisul, ngubaran éwateun, wasir, jeung sajabana. Ieu aya sababaraha tips ngonsumsi tomat sangkan bisa dijadikeun ubar.

Bisul: Keur nu boga panyakit bisul, leuwih hadé mun diubaran ku tomat, biasana mah mun dilembur sok maké duit koin nu dibungkus ku kertas terus dibeuleum jeung ditutupan ku gelas, ngan cara ieu téh bisa ngakibatkeun penggumpalan darah. Leuwih hadé mun maké buah tomat, carana nyaéta tomat asak, daging jeung sikina dipanaskeun terus diteundeun diluhureun bisul, insyaalloh éta bisul téh baris téréh bucat tur téréh cageur.

Ewateun: Bisa diubaran ku buah tomat, carana nyaéta buah tomat nu geus digodog terus dipotong-potong. Sanggeus kitu potongan tomat éta digosokkeun kanu éwateun. Antepkeun salila kurang leuwih sapuluh menit, sanggeus kitu kumbah nepi ka beresih. Lakukeun cing rutin, hadéna mah saméméh kulem.

Ulkus lambung: Cara ngubaranna nyaéta, iris buah tomat asak jeung jeruk nu dihaseumkeun masing-masing sasiki baé, ulah seueur teuing hambur biaya. Saatos kitu tambahkeun saséndok makan madu. Terus salajengna diaduk nepi ka rata. Dituang 3-4 kali sapoé salila 3 minggu, insyaalloh kasakitna baris ngurangan. Cara ngahaseumkeun buah jeruk nyaéta 250 gr uyah jeung 500 gr jeruk lémon dihijikeun dina topless beling, terus dipoé nepi ka buah jeung kulitna ngariut.

Cara Milih Tomat

Buah tomat aya ogé warnana nu héjo tur loba pisan dijual dipasar. Tomat kumaha nu hadé keur dikonsumsi ku urang tur kumaha cara milihan buah tomat nu alus keur kaséhatan téh? Ieu aya sababaraha tips pikeun milih buah tomat, diantarana baé:
  • Pilih tomat nu warnana beureum kolot
  • Pilih tomat nu peungkeur kénéh tur taya bagian nu lembék. Mun aya bagian nu lembék, berarti tomat éta dijerona geus aya nu buruk.
  • Pilih tomat nu warnana katingali hérang cerah, ulah nu warnana rada reueuk.
  • Perhatikeun pangkal tomat, lamun kaambung aya bau haseum tur kaluar cai, hal éta nuduhkeun yén tomat éta téh geus mimiti buruk.
  • Keur nyirikeun yén tomat anyar kénéh, pilih nu masih kénéh katingali seger tur kulitna can aya kariput.

Sakitu heula ti simkuring mah, capé nulisna ogé, engké wé diteruskeun deui dina bagbagan nu séjénna. Mugia ieu tulisan aya mangpaatna keur urang saréréa jeung bisa jadi cukang lantaran pikeun kaséhatan urang.


Click for more...

Rabu, 07 Juli 2010

Mangpaat Jambu Walanda (Alpuket)

Tangkal jambu walanda (alpuket) asalna ti Amérika Tengah. Diditu mah cenah seueur pisan nu melak di kebon atawa di pakarangan imah nu taneuha subur jeung teu kakeueum ku cai. Sok sanajan bisa dipelak didataran rendah, leuwih hadé tur maksimal lamun alpuket dipelak disekitar 200-1.000 m diluhureun permukaan laut (dpl) didaérah tropik nu loba curah hujanna.

Tangkal alpuket kaitung tangkal nu leutik, luhurna ngan 3-10 m. Alpuket nu ku urang mah sering ogé disebut jambu walanda, loba pisan mangpaatna keur kaséhatan. Diantarana waé keur ngubaran sariawan, kencing batu, nyeri sirah, hiperténsi atawa darah tinggi, nyeri saraf (neuralgia), nyeri lambung, bareuh saluran pernapasan (bronchial swéllings), nyeri waos, kencing manis (diabétés melitus), jeung ménstruasi teu teratur. Bagian nu sok dijadikeun ubar téh nyaéta buah, siki, jeung daunna.


Sariawan
Pikeun nu katarajang sariawan, tiasa dilandongan baé ku alpuket asak nu digalokeun ku madu murni, seueurna tiasa 2 nepi ka 3 sendok makan. Dituangna unggal dinten, sakali ogé tos cekap, ulah seueur teuing da hambur jeung deuih karunya batur kabita .


Kencing batu
Kanggo ngalandongan kencing batu, sayogikeun baé 4 lembar daun alpuket, 3 siki teki, 5 lembar daun randu, satengah siki jambé, 1 buah pala, 3 ramo gula beureum, sadaya bahan éta dikumbah nepi ka beresih teras digodog nganggo cai kirang langkung 3 gelas nepi ka nyésa 2 1/4 gelas. Saatos tiis disaring teras dileueutkeun kanu katarajang kencing batu. Sadinten tiasa tilu kali kalayan seueurna 3 x 3/4 gelas.


Darah tinggi
Kanggo ngalandongan darah tinggi mah cekap ku 3 lambar daun alpuket. Caranya nyaéta dikumbah heula nepi ka beresih, teras digodog ku cai nepi ka asak. Saatos tiis caina teras dileueut dugi ka séép.


Ngalembabkeun kulit raray nu garing
Bagéan ieu mah nu dianggo téh nyaéta buahna. Carana nyaéta daging buah alpuket diancurkeun atanapi di blénder dugi ka lembut. Saatos lembut ulah dituang bisi wareg , tapi dioléskeun kana raray dianggo masker. Saatos garing nembé raray diwasuh nepi ka beresih deui.


Nyeri waos lantaran bolong
Dina bagéan ieu mah nu dianggo téh nyaéta sikina. Siki alpuket dipoé nepi ka garing, saatos kitu ditutu nepi ka lembut. Bubuk siki alpuket nu tos lembut dilebetkeun kana waos nu bolong.


Bareuh sabab radang
Bubuk siki alpuket dicampur jeung cai sacukupna tuluy digalokeun sangkan jadi jiga bubur. Saatos kitu éta bubur siki alpuket téh dibalurkeun kanu bareuh.


Kencing manis
Bagéan ieu ogé masih kénéh nganggo siki alpuket. Carana, siki alpuket dibeuleum saatos asak teras dipotong sangkan laleutik nganggo bedog da teuas. Saatos kitu digodog kalayan nganggo cai beresih nepi ka warna caina jadi coklat. Saatos kitu disaring, caina dileueut mun tos tiis.

Kanggo ngalandongan nyeri sirah, nyeri padaharan, bareuh saluran napas, nyeri satulang sandi (neuralgia) jeung datang bulan nu teu teratur, tiasa nuang baé buah alpuket atawa ngaleueut cai entéh.

Salian ti nu geus disebutkeun diluhur, numutkeun panalungtikan, daun alpuket mibanda aktipitas atawa tiasa jadi anti baktéri jeung ngahambat perkembangan Staphylococcus aureus strain A jeung B, Staphylococcus albus, Pseudomonas sp., Proteus sp., Escherichea coli jeung Bacillus subtilis.


Click for more...

Mangpaat Gedang


Uninga gedang? Resep gedang? Jawabanna pasti resep da nu nulis ogé sami resep pisan, komo deui mun haratis mah. Gedang nyaéta sarupaning bungbuahan nu sok disadiakeun dina méja kalayan jadi kasedep urang saréréa. Salian ti rasana nu amis tur matak pikabitaeun, ogé kandungan vitamin C nu aya dina gedang nurutkeun juru talungtik leuwih loba tinimang jeruk.

Click for more...