Thank you for visiting my blog, if you want to find all my post, I suggest to see Daftar Tulisan, there you'll found all my posts. If there's a question, feel free to contact me. Happy Blogging...!!!

Rabu, 07 Juli 2010

Mangpaat Gedang


Uninga gedang? Resep gedang? Jawabanna pasti resep da nu nulis ogé sami resep pisan, komo deui mun haratis mah. Gedang nyaéta sarupaning bungbuahan nu sok disadiakeun dina méja kalayan jadi kasedep urang saréréa. Salian ti rasana nu amis tur matak pikabitaeun, ogé kandungan vitamin C nu aya dina gedang nurutkeun juru talungtik leuwih loba tinimang jeruk.

Gedang lian ti rasana nu amis tur ngeunah jeung matak seger kana awak, ogé matak sehat saupama kuurang dikonsumsi. Numutkeun kana hasil panalungtikan, gedang ogé bisa dipaké keur ubar mun seug urang katarajang ku panyakit. Hoyong terang carana? Sok atuh urang tingali mangpaatna:

Buah gedang
Leuwih loba ngandung kalium jeung magnesium, salian ti éta ogé euyeub ku karotén, vitamin C, jeung flavonoid sahingga mun seug ku urang dikonsumsi ngagaduhan pungsi jadi zat anti panyakit kanker. Enzim papain nu aya dina gedang ogé mibanda pungsi keur nguraikeun serat-serat tina sésa kadaharan sahingga ngalancarkeun BAB. Saumpama dituang kalayan rutin, tiasa ngubaran kasakit tina padaharan tur tiasa ogé ngurangan rasa panas nalika katarajang panas tiris.

Daun gedang
Mun resep mah tiasa dianggo keur lalab atawa keur sayur. Memang rasana ogé rada pait tapi mangpaatna kalintang ageung pisan, diantarana waé keur ngubaran malaria, nyeri beuteung, tur keur nambah napsu makan. Carana, campurkeun waé daun gedang nu masih seger kénéh kira-kira sagedé dampal leungeun ditambahan uyah saeutik jeung kira-kira 1/2 gelas cai haneut. Nyampurkeunna tiasa ogé diblénder ngarah téréh mah. Saatos kitu peureut candak caina. Leueut cai campuran éta sadinten sakali, insyaalloh kasakit téh baris énggal damang deui.

Siki gedang
Nepi ka sikina ogé aya mangpaatna, nyaéta keur ngubaran nu cacingan. Carana, siki gedang dipoé nepi ka garing, saatos garing ditutu nepi ka lembut. Kira-kira 10 gr, godog jeung cai kurang leuwih 150 ml nepi ka caina kira-kira 75 ml. Saatos kitu leueutkeun kanu katarajang cacingan kira-kira 2 jam méméh tuang, saéna mah saacan tuang wengi.

Geutah jeung akar gedang
Salian ti nu geus disebutkeun diluhur, geutah jeung akar gedang ogé bisa keur ngubaran nu cacingan tur keur ngubaran nu dipacok ku oray nu ngandung peurah. Carana nyaéta 10 gr akar gedang nu garing, bawang bodas 1 gr jeung cai kira-kira 100 ml. Godog éta bahan-bahan téh kira-kira 15 menit. Saatos kitu dileueutkeun kanu katarang kasakit, insyaalloh baris damang deui sakumaha bihara-bihari.


0 comments:

Posting Komentar