Thank you for visiting my blog, if you want to find all my post, I suggest to see Daftar Tulisan, there you'll found all my posts. If there's a question, feel free to contact me. Happy Blogging...!!!

Sabtu, 10 Juli 2010

Wortel Jeung Kaséhatan

Wortel (Daucus carota) nyaéta hiji pepelakan nu sok dijadikeun bahan keur sayuran. Dipelakna bisa sapanjang taun. Alusna mah dipelakna didaérah nu miboga hawa tiis jeung lembab nyaéta kurang leuwih 1.200 m diluhureun permukaan laut (dpl).

Mun seug urang aya kereteg pikeun melak wortel, kawilang alus pisan sabab wortel mah dina usum naon baé ogé bisa jadi boh usum halodo atawa usum hujan. Ngan dina melakna kudu ditempat nu tiis hawana tur lembab ogé kudu kasorot ku panon poé langsung. Tangtu wé kudu dipelak dina lahan nu subur. Tangkal jeung daunna hampir sarua jeung salédri. Nu diarah téh kalolobaanna mah nyaéta bagéan akarna, ceuk urang Indonésia mah umbi akar.

Numutkeun katerangan ti para botanis, wortel téh aya sababaraha jinis, diantarana baé wortel jinis imperator (Daucus carota, Linn), nyaéta wortel nu ukuran akarna panjang jeung semu méncos. Salian ti kitu ogé rasana kurang amis. Nu kadua, jinis chantenang, nyaéta wortel nu akarna téh semu buleud panjang tur rasana rada amis. Jinis nu katilu nyaéta jinis mantes, ieu mah hasil kombinasi antara jinis imperator jeung jinis chantenang. Akarna ngabogaan warna nu jadi ciri khas nyaéta oranyeu.

Sababaraha panyakit nu bisa diubaran ku wortel

Geus jadi rusiah umum, geus pada apal yén kandungan vitamin A nu loba pisan téh aya dina wortel. Vitamin A dibutuhkeun pisan ku retina panon jadi kawilang alus pisan mun nuang wortel, ngan simkuring didieu saatos maluruh jeung tatanya tur tatamba ka mbah google, diwaler ku mbah google yén wortel téh lain keur ngubaran panon wungkul tapi bisa ogé dipaké keur ngubaran sababaraha panyakit, diantarana baé kejang jantung, eksim, cacing krémi, panon mines, ngurangan rasiko stroke, jeung sajabana. Capé kudu nyebutkeun hiji-hiji mah. Urang bahas baé sababaraha panyakit nu bisa diubaran ku wortel.

Panon

Lamun urang ningali naon baé nu jarakna jauh, lénsa panon urang bakal jadi ipis, kitu ogé sabalikna, mun ningali naon baé nu jarakna rada deukeut, mangka lénsa panon urang bakal ngandelan. Aya sawatara panyakit nu nimbulkeun urang kurang bérés dina ningali banda-banda nu jarakna deukeut nu disebut buta dekat ku urang Indonésia mah. Buta dekat ieu téh alatan tina pungsi lénsa panon urang nu kaganggu pikeun ngandelan jeung ngaipisan.

Gangguan panon modél kieu bisa diubaran ku ubar kampung alias ubar tradisional téa, sayogikeun baé 50 gr daun wortel, 400 gr wortel. Saatos kitu dibubukkeun atawa diblénder, dijadikeun jus wortel. Tuang cing rutin, insyaalloh panon téh baris bisa ningali deui sakumaha bihara bihari.

Salian ti éta bisa ogé ngagunakeun buah léngkéng, carana nyaéta 20 buah léngkéng nu dipiceun sikina dihijikeun jeung 300 gr wortel, ditambahan 2 ati hayam. Mun nu kahiji mah dijadikeun jus, nu kadua ieu mah lain dijadikeun jus tapi di tim, dijadikeun deungeun sangu. Saatos kitu mah dituang cing rutin.

Kejang Jantung

Cirina katarajang kejang jantung téh nyaéta sok karasa nyeri dipalebah sabudeureun jantung. Biasana mah karasana téh lamun urang migawé pagawéan nu beurat misalna baé macul, manggul karung béas, manggul setum atawa beus. Salian ti migawé pagawéan pisik nu beurat, ogé bakal karasa dimana urang keur sutres atawa kateken. Salian ti éta, lamun leumpang gurung gusuh terus karasa nyeri dina dada nu cindekna mah sabudeureun jantung. Kasakit atawa rasa nyeri éta baris ilang atawa leungit lamun urang istirahat heula sababaraha menit. Hal ieu diakibatkeun ku ayana ngariutna atawa penyempitan pembuluh darah ka jantung tapi henteu ari kasumbat mah saperti dina panyakit jantung.

Keur ngubaran kejang jantung, sadiakeun baé 300 gr wortel jeung 100 gr lokio, terus digodog nepi ka asak. Saatos asak, lebetkeun kana blénder. Tambahan kurang leuwih 100 cc cai hérang jeung 2 séndok makan madu. Tos kitu mah di blénder wé nepi ka lembut. Jus wortel ieu dituang cing rutin sapoé sakali.

Nurunkeun Risiko Kanker

Penelitian nu dilakukeun ku hampir 90.000 juru rawat awéwé salila 8 taun di Amérika ngungkapkeun yén nuang wortel paling saeutik lima kali tiap minggu bisa nurunkeun risiko setruk sekitar 68 persén dibandingkeun jeung nu nuang wortel ngan sabulan sakali. Hal ieu disababkeun ku aktipitas antioksidan tina wortel. Béta karotén bisa ngahambat kolésterol ngarah teu mibanda sipat racun jeung teu matak ngajadikeun plak jeung ngabeungbleu dina pembuluh darah.

Masih loba kénéh mangpaat tina nuang wortel keur kaséhatan urang, didieu mah ngan sakitu heula wé nya da capé atuh nulisna ogé. Mugia ieu tulisan téh jadi lantaran keur ngubaran kasakit urang. Sakitu nu kapihatur, bilih aya nu badé nambihan mah sumangga diantos ku simkuring.



0 comments:

Posting Komentar