Thank you for visiting my blog, if you want to find all my post, I suggest to see Daftar Tulisan, there you'll found all my posts. If there's a question, feel free to contact me. Happy Blogging...!!!

Kamis, 08 Juli 2010

Mangpaat Tomat

Tomat mangrupakeun salah sahiji pepelakan nu mindeng pisan katingali ku urang saréréa. Hampir di unggal kebon pasti baé katingali aya tangkal tomat. Teu anéh mémang sabab gampang pisan melak tomat mah. Tomat, salian ti bisa dipaké keur bungbuahan ogé biasa dipaké keur rupa-rupa
pasakan atawa dijieun jus.

Tangkal tomat asalna ti Amerika Tropis tur sok loba ogé di daérah Ekuador, Bolivia, Péru jeung Perancis. Di daérah Perancis mah tomat téh katelah ku pomme d'amour atawa "apel cinta" sabab salah sahiji kagunaanna nyaéta bisa ngubaran nu lemah syahwat tur ningkatkeun kualitas spérma sarta ngaronjatkeun kagesitan spérma.

Di urang ogé tomat kawilang pepelakan nu loba tur gampang kapanggih jeung gampang melakna. Tomat biasana dipelak dina lahan subur ngan alusna mah teu loba teuing curah hujan jeung teu kapoé langsung ku panon poé. Warnana biasana mah beureum, kulitna lecir pisan. Mun simkuring dipelak bakal jadi géhéng...

DR. John Cook Bennet ti Wiloughby University, Ohio, sekitar bulan nopémber taun 1834 nalungtik mangpaat tina buah tomat ieu. Anjeunna mangrupakeun ilmuwan nu pangheulana nalungtik tomat. Numutkeun kana hasil panalungtikanna, tomat bisa dipaké keur ngubaran diaré, serangan empedu, gangguan pencernaan, jeung mulihkeun pungsi liver. Panalungtikan lain ngeunaan tomat nyaéta nyebutkeun yén jél warna konéng tomat bisa keur nyegah penggumpalan jeung pembekuan darah. Salian ti kitu ogé kandungan vitamin C jeung A tina tomat kawilang loba pisan sarta bisa ningkatkeun kekebalan tubuh.

Tomat mun dijadikeun bungbuahan hadéna mah nu warnana beureum tur hadéna dikonsumsi unggal isuk-isuk jeung pasosoré. Hasiatna keur nu geus déwasa mah nyaéta bisa ningkatkeun napsu makan. Lian ti kitu ogé rasa haseum tina tomat asalna tina asam sitrat, kawilang hadé pisan mun seug dijadikeun ubar seueul atawa dikonsumsi ku wanoja nu katarajang PMS (Pre Menstrual Syndrome). Béda deui keur nu boga panyakit maag jeung nu teu kuat ku rasa haseum, hadéna mah ulah nuang buah tomat sanajan dijadikeun jus atawa ditambahan ku gula sabab nambahan parna kana panyakit.

Béda pisan jeung sayuran atawa lalab séjénna, tomat mah leuwih hadé mun diolah atawa dijieun salah sahiji pasakan heula sabab tomat nu geus ancur leuwih loba ngandung lycopene nu gedé hasiatna tibatan tomat nu teu diancurkeun tur dicampurkeun jeung kadaharan séjénna.

Lycopene nyaéta zat antioksidan nu bisa ngancurkeun radikal bébas tina awak alatan tina roko, polusi jeung sinar ultraviolét. Salian ti kitu, lycopene ogé boga hasiat keur nyegah karusakan sél nu bisa ngakibatkeun kanker léhér rahim, kanker prostat, kanker perut, jeung kanker pankréas. Mémang, lycopene bisa kapanggih ogé tina beureumna anggur, samangka jeung gedang ngan kandungan lycopene nu panglobana mah aya dina buah tomat.

Mangpaat Tomat

Biasakeun ti ayeuna mah nuang tomat unggal isuk jeung pasosoré sabab gedé pisan mangpaatna keur kaséhatan urang. Dihandap ieu aya sababaraha mangpaat tina buah tomat asak nu dikonsumsi ku urang:
  • Nurunkeun risiko gangguan jantung
  • Ngaleungitkeun rasa kacapé
  • Nambah napsu makan
  • Ngahambat perkembangan sél kanker
  • Ngahambat penurunan pungsi mata alatan faktor usia
  • Ngurangan risiko radang usus buntu
  • Ngajaga kaséhatan oragan haté, ginjal sarta ngalancarkeun BAB (Buang Air Badag)
  • Ngaleungitkeun éwateun
  • Ngubaran diaré
  • Ningkatkeun jumlah jeung kualitas spérma keur lalaki
  • Mulihkeun fungsi liver
  • Mengatasi masalah kegemukan

Tah éta sababaraha mangpaat tomat nu bisa disebutkeun ku simkuring, masih loba kénéh mangpaat tomat nu séjénna ngan mun disebutkeun didieu mah moal anggeus jigana téh. Kumargi kitu, ti mimiti ayeuna mah sok atuh biasakeun ngonsumsi tomat.

Tomat Keur Ubar

Salian ngeunah keur kadaharan sapopoé, tomat ogé bisa dipaké keur ngubaran rupa-rupa kasakit. Contona baé keur ngubaran nu tipalitek, ngubaran nu bisul, ngubaran éwateun, wasir, jeung sajabana. Ieu aya sababaraha tips ngonsumsi tomat sangkan bisa dijadikeun ubar.

Bisul: Keur nu boga panyakit bisul, leuwih hadé mun diubaran ku tomat, biasana mah mun dilembur sok maké duit koin nu dibungkus ku kertas terus dibeuleum jeung ditutupan ku gelas, ngan cara ieu téh bisa ngakibatkeun penggumpalan darah. Leuwih hadé mun maké buah tomat, carana nyaéta tomat asak, daging jeung sikina dipanaskeun terus diteundeun diluhureun bisul, insyaalloh éta bisul téh baris téréh bucat tur téréh cageur.

Ewateun: Bisa diubaran ku buah tomat, carana nyaéta buah tomat nu geus digodog terus dipotong-potong. Sanggeus kitu potongan tomat éta digosokkeun kanu éwateun. Antepkeun salila kurang leuwih sapuluh menit, sanggeus kitu kumbah nepi ka beresih. Lakukeun cing rutin, hadéna mah saméméh kulem.

Ulkus lambung: Cara ngubaranna nyaéta, iris buah tomat asak jeung jeruk nu dihaseumkeun masing-masing sasiki baé, ulah seueur teuing hambur biaya. Saatos kitu tambahkeun saséndok makan madu. Terus salajengna diaduk nepi ka rata. Dituang 3-4 kali sapoé salila 3 minggu, insyaalloh kasakitna baris ngurangan. Cara ngahaseumkeun buah jeruk nyaéta 250 gr uyah jeung 500 gr jeruk lémon dihijikeun dina topless beling, terus dipoé nepi ka buah jeung kulitna ngariut.

Cara Milih Tomat

Buah tomat aya ogé warnana nu héjo tur loba pisan dijual dipasar. Tomat kumaha nu hadé keur dikonsumsi ku urang tur kumaha cara milihan buah tomat nu alus keur kaséhatan téh? Ieu aya sababaraha tips pikeun milih buah tomat, diantarana baé:
  • Pilih tomat nu warnana beureum kolot
  • Pilih tomat nu peungkeur kénéh tur taya bagian nu lembék. Mun aya bagian nu lembék, berarti tomat éta dijerona geus aya nu buruk.
  • Pilih tomat nu warnana katingali hérang cerah, ulah nu warnana rada reueuk.
  • Perhatikeun pangkal tomat, lamun kaambung aya bau haseum tur kaluar cai, hal éta nuduhkeun yén tomat éta téh geus mimiti buruk.
  • Keur nyirikeun yén tomat anyar kénéh, pilih nu masih kénéh katingali seger tur kulitna can aya kariput.

Sakitu heula ti simkuring mah, capé nulisna ogé, engké wé diteruskeun deui dina bagbagan nu séjénna. Mugia ieu tulisan aya mangpaatna keur urang saréréa jeung bisa jadi cukang lantaran pikeun kaséhatan urang.



0 comments:

Posting Komentar