Thank you for visiting my blog, if you want to find all my post, I suggest to see Daftar Tulisan, there you'll found all my posts. If there's a question, feel free to contact me. Happy Blogging...!!!

Jumat, 09 Juli 2010

Ronjatkeun Krédibilitas Blog

Kumaha carana sangkan bisa nambahan krédibilitas blog urang? Disakuliah tatar alam dunya nu pinuh ku scam jeung kabohongan atawa jangji-jangji palsu ieu, urang perlu ningkatkeun krédibilitas online urang di internét. Simkuring ngagaduhan sababaraha tips kanggo ningkatkeun krédibilitas blog ka nu maca blog urang di internét.

Jieun kaca "ngeunaan (about)" nu leuwih hadé

Kaca "ngeunaan blog" atawa "ngeunaan ais pangampih blog" ieu mangrupakeun kaca nu paling sering ditingali ku nu nganjang kana blog urang, nu kadua nyaéta eusi blog urang. Naha bet kitu? sabab nu nganjang ogé hoyong terang saha nu jadi ais pangampih atawa nu nyieun blog nu mikeun artikel-artikel jeung tips keur maranéhna. Nu nganjang blog urang ogé pasti hoyong terang naha bisa dipercaya atawa henteu ieu nu nyieun artikel. Kaca "ngeunaan" atawa "about" ieu nuduhkeun saha ari anjeun téh, tur nuduhkeun pikeun ngawangun hubungan jeung nu nganjang kana blog urang. Ieu aya sababaraha hal nu bisa digunakeun ku urang sangkan bisa ningkatkeun krédibilitas urang:
  • Bikeun informasi ngeunaan diri pribadi anjeun nu bisa ngagambarkeun saha ari anjeun téh sakumaha dina kahirupan nu nyata. Beuki asli éta informasi, beuki percaya ogé nu nganjang kana blog anjeun. Contona kieu, leuwih percaya mana antara informasi ieu: "ujang_blogger ais pangampih blog nu ku anjeun dibaca ieu", bandingkeun jeung: "Ujang, urang Bandung, 28 taun jalan tur ngagaduhan hiji bojo jeung hiji putra".
  • Bikeun ogé poto-poto anjeun sarta kulawarga anjeun nu asli tangtuna ogé.
  • Béjakeun ku anjeun pangalaman-pangalaman anjeun dina blog anjeun.
  • Jelaskeun ogé maksud anjeun nyieun wéblog anjeun, ieu baris mantuan ogé kana perhatian ti nu nganjang.

Ulah hayang katingali "sampurna"

"Nobody's perfect", kitu paribasa urang kulon mah. Jadi mun anjeun ngalakukeun hal éta nyaéta katingali sampurna dihareupeun batur, dijamin engkéna anjeun kalah katingali jadi teu asli deui. Hal ieu ogé baris nurunkeun darajat krédibilitas urang dihareupeun nu nganjang tur bakal hésé deui dipercaya ku nu nganjang. Teu nanaon ngabéjakeun kagagalan-kagagalan atawa kakurangan urang dihareupeun umum, maksudna mah lain rék ngabolékérkeun liang taeun dipasar :) tapi sangkan jadi motipasi keur kahareupna tur jadi picontoeun ogé keur nu nganjang sangkan ulah nurutan urang.

Contona kieu: "Situs kuring ieu ngeunaan cara néangan duit sacara online. Dina kaca ngeunaan, kuring ngahaja ngabagi pangalaman ti mimiti nyieun blog, tuluy gabung jeung situs MLM nu ternyata situs éta téh mangrupakeun scam nu ahirna simkuring kaleungitan sajumlah duit nu lumayan. Ironisna, ayeuna jalma nu geus pernah kaleungitan duit ku hiji situs ayeuna mikeun pituduh-pituduh keur batur kumaha carana néangan duit sacara online". Nu leuwih hadé nyatana mah jadi diri anjeun nu sajati, nu nganjang ogé baris ngahargaan kana hal éta.

Ngawanikeun nyieun opini

Ulah sieun ngaluarkeun opini, justru éta nu disebut "blogging" téh. Anjeun ngarasa yakin baris kaleungitan sababaraha jalma nu maca artikel anjeun, tapi jalma nu sapamikiran jeung anjeun mah tangtuna ogé bakal anteng manteng terus di blog anjeun. Keun baé nu teu sapamikiran jeung anjeun mah rék ninggalkeun blog anjeun ogé, maranéhna oge boga pamikiranna séwang-séwangan tur teu sapamikiran téh meureun pédah wé aya sababaraha hal wungkul.

Terahir nyaéta cobaan bikeun daya tarik anjeun keur satiap jalma nu aya, nu sapamikiran jeung anjeun da anjeun nyieun éta artikel téh ditujukeun leuwih husus pikeun grup babaturan, pikeun jalma nu sapamikiran jeung anjeun.

Promosikeun produk nu kualitasna hadé

Geus teu kudu dicaritakeun deui ieu mah, tapi simkuring sering ningali batur nu ngapromosikeun produk dumasar kana komisi nu dibikeun wungkul jeung deui lain produk nu aktual atawa produk heubeul. Ngapromosikeun produk kitu baris nurunkeun krédibilitas blog anjeun leuwih gancang tibatan jeung ngapromosikeun produk nu kualitasna teu pati hadé. Anjeung bisa ogé maké jasa sales, tapi engkéna nu meuli téh lain dumasar kana rékoméndasi ti anjeun deui. Hal ieu bisa nurunkeun ogé réspék batur ka anjeun. Leuwih hadé mun seug anjeun ngapromosikeun produk nu geus dicobaan ku anjeun sorangan atawa produk-produk nu anjeun yakin yén éta produk téh kualitasna hadé pisan.

Ngarencanakeun nyiar duit? Lakukeun ti ayeuna

Salah sahiji nu matak ngaancurkeun krédibilitas urang ogé nyaéta ngarobah stratégi pamikiran urang. Contona kieu, jalma nu ngarencanakeun pikeun nyiar duit baris terus pikiranna tinuju kana cara pikeun nyiar duit éta, hubungan jeung nu nganjang kana blog mah nomer dua. Hal ieu baris ngadatangkeun katugenah dina manah nu nganjang tur nu maca blog anjeun nu ahirna mah baris ngurangan hubungan jeung maranéhna.

Béda deui lamun anjeun teu pokus teuing dina nyiar piduiteun. Hal ieu justru baris ngajadikeun hubungan anjeun jeung nu nganjang blog anjeun leuwih raket deui. Engké deui baé nyiar piduiteun mah, nu penting mah rélasi heula jeung baraya da piduiteun mah baris nuturkeun titukang.

Lamun anjeun geus ngarencanakeun pikeun nyiar piduiteun timimiti kénéh, keun wé jadi rencana anjeun, ulah nembrak teuing da batur ogé moal ningali kana hal éta. Ngarencanakeun mah teu nanaon bari terus dijalanan, tapi aya nu leuwih penting nyaéta ngawangun rélasi jeung baraya-baraya tur jeung nu maca blog anjeun.

Ngabagi carita hasil nu dibeunangkeun

Teu nanaon mun seug rék ngabagi carita samodél kitu mah sok sanajan meunang saeutik tapi ieu leuwih aya hargaan deui jeung leuwih riil deui. Nalika anjeun medalkeun hasil nu geus dibeunangkeun ku anjeun, hal ieu ogé baris nambahan kana krédibilitas anjeun dihareupeun nu nganjang tur nu maca kana situs atawa blog anjeun sabab anjeun kawilang jalma nu riil.

Contona kieu: anjeun nyieun blog ngeunaan "cara menurunkan berat badan", sabab anjeun miboga awak nu kawilang lintuh, terus denget ieu anjeun ogé medalkeun hasil nu geus dibeunangkeun nyaéta tina 50 kilo ayeuna mah jadi 48.

Sok sanajan ngan turun 2 kilo terus ku anjeun dipedalkeun dina blog anjeun, hal ieu lain saukur nambahan daya tarik blog wungkul, tapi baris nambah ogé kana krédibilitas anjeun sabab anjeun mangrupakeun jalma nu loba pisan ditéang ku nu lian sabab kaasup jalma nu riil téa.

Gampang diaksés

Jieun ku anjeun hiji selapan dina blog anjeun "Hubungi Kuring" atawa "Contact Me". Eusina nyaéta pikeun nu nganjang atawa nu maca bisa langsung tumanya ka anjeun ngeunaan artikel nu geus ditulis ku anjeun. Lakukeun hal ieu sangkan anjeun leuwih ngaraketkeun deui hubungan jeung nu nganjang. Salian ti kitu ogé anjeun baris mikanyaho naon nu dipikahayang ku batur.

Misalna baé, simkuring ngingetan ka nu nganjang sangkan ngahubungi mun seug aya patarosan nu baris didugikeun ka simkuring. Hal ieu nétélakeun yén blog nu dianjangan téh lain ngan saukur blog nu nyayogikeun artikel wungkul tapi ogé aya ais pangampihna nu nyata jeung deui ulah poho keur ngabales pesen nu asup ka urang boh sacara langsung ngirim deui surat-é ka nu ngirim pesen atawa dina situs-situs sosial nu ku anjeun dipiboga saperti dina twitter, facebook, jeung sajabana.

Kumaha cara anjeun ningkatkeun krédibilitas?

Ti simkuring mah mung aya sakitu heula nu tiasa disebatkeun. Sumangga boh bilih sadérék ngagaduhan stratégi pikeun ngaronjatkeun krédibilitas, tiasa gunakeun baé dina pamairan. Mugia aya mangpaatna keur urang sadayana.



0 comments:

Posting Komentar