Thank you for visiting my blog, if you want to find all my post, I suggest to see Daftar Tulisan, there you'll found all my posts. If there's a question, feel free to contact me. Happy Blogging...!!!

Rabu, 02 Februari 2011

Nyieun Témplate Blog

Sabenerna horéam nulis neunaan dunia perkomputeran mah sabab mun ditingali mah euyeub pisan nu nulis ngeunaan tips atawa trik dunia komputer, blog, internét téh. Ngan daripada kosong tur bari jeung éra ku para master dunia IT jeung perkomputeran, simkuring ngawanikeun manéh pikeun nulis enya ogé lain master jiga nu lian. Hapunten boh bilih seueur pisan kalepatanna, ieu mah nyobaan ngaranna ogé, dibaca sukur teu dibaca ogé teu nanaon.

Di Blogspot, ngagunakeun tur ngararancang témplate geus jadi hiji karesep tur jadi hiji kaleuwihan sangkan genah tur merenah katingalina, lian ti kitu ogé ngarah nu nganjang kana blog urang betah. Mémang geus aya disadiakeun ku blogger blogspot sababaraha témplate nu bisa dipaké ku urang, ngan nu ngaranna jelema téa atuh sok hoyong dirarancang deui atawa manéhna sorangan hayang ngagunakeun témplate meunang nyieun sorangan.

Nu jadi patarosan téh, kumaha sangkan bisa ngagunakeun témplate meunang nyieun sorangan? Didieu simkuring baris nulis ngeunaan témplate dina blogspot. Lamun seug urang hoyong tiasa ngadamel témplate, ieu aya script témplate nu paling sederhana pisan keur dilarapkeun dina blogspot:



Nu diluhur téh mangrupakeun script pang leutikna atawa nu paling sederhana tina témplate blogspot. Boh bilih hoyong mah tiasa ngadamel tur ngararancang nyalira, kantun nambihan sababaraha kecap deui tina script atawa nambahan script CSS jeung javascript sangkan leuwih hadé deui.

Pikeun nu awal pisan ngeunaan nyieun témplate jiga simkuring mah nya lumayan. Ngan ayeuna mah teu kudu rémpan deui, geus aya software husus nu leuwih gampang pikeun nyieun témplate nyaéta Artisteer. Ieu software digunakeun ogé pikeun nyieun témplate nu séjénna sarupaning témplate blogspot, wordpress, jeung sajabana.

Saupami sadérék hoyong uninga ngeunaan ieu software atanapi peryogi kana ieu software, sumangga tiasa ditingali dina situsna atanapi didieu.

Sakitu heula ngeunaan cara pikeun ngadamel témplate ieu, engké kapayun urang teraskeun deui mun purun héhéhé..., cag dugi kadieu, mugia aya mangpaatna keur urang saréréa.

0 comments:

Posting Komentar